Sinyal haseup nyaéta sahiji bentuk komunikasi optikal anu digunakeun dina jarak anu jauh, anu nanjeur di benua Amerika jeung di nagara Cina jaman baheula.

Ku cara nutupan seuneu ku hiji panutup terus sagancangna muka panutup kasebut, bisa diciptakeun haseup. Ku sababaraha kali latihan, urang bisa ngadalikeun ukuran, wangun, jeung lilana haseup. Haseup bisa katitén ti jarak anu jauh, jeung bisa katénjo ku sing saha anu aya dina jarak visual atawa jarak ténjo. Tempat pangiriman sinyal mindeng ngahaja dijieun pikeun ngalegakeun jarak ténjo. Conto tempat pangiriman sinyal haseup di antarana mangkok batu anu digunakeun ku Urang Indian jeung munara anu aya di Témbok Gedé Cina.

Euweuh kode baku pikeun sinyal haseup; sinyal haseup mindeng mangrupa pola anu geus dipasinikeun di antara pangirim jeung panarima. Ku lantaran kitu, sinyal haseup condong ngirim pesen-pesen basajan, jeung mangrupa bentuk komunikasi anu kawates.


Rujukan

édit
  • Gusinde, Martin (1966). Nordwind—Südwind. Mythen und Märchen der Feuerlandindianer (dalam German). Kassel: E. Röth. 
  • Itsz, Rudolf (1979). "A kihunyt tüzek földje". Napköve. Néprajzi elbeszélések (dalam Hungarian). Budapest: Móra Könyvkiadó. pp. 93–112.  Translation of the original: Итс, Р.Ф. (1974). Камень солнца (dalam Russian). Ленинград: Издательство «Детская Литература».  Title méans: “Stone of sun”; chapter méans: “The land of burnt-out fires”.
  NODES
Done 1