Utsman bin Affan nyaéta salah sahiji sahabat Nabi Muhammad anu paling éraan.[1] Anjeunna kaasup kana salah sahiji Khalifah (Khulafaur Rosyidin) katilu anu maréntah sabada Umar bin al-Khattab maot.[1] Utsman bin Affan maréntah ti taun 644 M (umur 69–70 taun) dugi ka 656 M (salila 11–12 tahun).[1] Salian éraan, Utsman bin Affan mangrupa ahli dina widang ekonomi, ogé saudagar anu beunghar tur dermawan.[1]

Loba bantuan ekonomi anu dibikeun ku Utsman ka umat Islam dina awal dakwah Islam.[2] Anjeunna meunang julukan Dzunnurain ynu hartina anu miboga dua cahaya.[2] Julukan ieu dibikeun ka Utsman ku sabab Utsman parantos nganikahan putri kadua jeung katilu ti Rasullah Saw nyaéta Ruqayah jeung Ummu Kaltsum.[2] Anjeunna ogé miboga jasa dina hal ngabukukeun Al Qur'an.[2]

Kalahiran jeung Nasab

édit

Utsman bin Affan miboga ngaran lengkep Utsman bin Affan Al-Amawi Al-Quarisyi, anu asalna ti Bani Umayyah.[1] Gumelar dina ahir taun 574 Masehi.[1] Indung nyaéta Arwa binti Kuriz bin Rabiah.[1] Anjeunna lebet Islam ku sabab diajakan ku Abu Bakar, nyaéta sabada Islamna Ali bin Abi Tolib jeung Zaid bin Haristah.[1] Anjeunna nyaéta salah sahiji sahabat utama Nabi Muhammad SAW, sarta kaasup kana golongan As-Sabiqun al-Awwalin, nyaéta jelma-jelma anu mimiti asup Islam tur iman.[1]

Utsman lahir ti hiji bapa anu namina Affan bin Abi al-'As, ti suku Bani Umayyah, sareng indung anu namina Arwa binti Kurayz, ti Abdshams, dua suku anu beunghar tur dipihormat di Quraisy, Mekah. Utsman ngagaduhan hiji dulur awéwé anu namina Amina. Utsman lahir di Ta'if. Anjeunna kacatet minangka salah sahiji ti 22 urang Mekah anu tiasa nyerat. Bapana, Affan, maot di umur ngora nalika keur indit ka luar negeri, ninggalkeun warisan anu gedé ka Utsman. Anjeunna jadi padagang sapertos bapana, sareng bisnisna berkembang pesat, ngajantenkeun anjeunna salah sahiji jalma pangbeungharna di Quraisy.

Utsman bin Affan nyaéta sahabat sareng ogé khalifah katilu dina Khulafaur Rasyidin. Anjeunna kasohor salaku padagang anu beunghar sareng pinter dina widang ékonomi, tapi ogé kacida dermawan. Loba bantuan ékonomi anu dipasrahkeunana ka umat Islam dina awal dakwah Islam. Anjeunna ngagaduhan gelar Dzunnurain anu hartosna "anu gaduh dua cahaya." Gelar ieu dipasihkeun lantaran Utsman parantos nikah sareng dua putri Rasulullah, nyaeta Ruqayyah sareng Ummu Kultsum.

Utsman bin Affan lahir taun 576 Masehi ti golongan Bani Umayyah. Indungna nyaeta Arwa binti Kuriz bin Rabiah. Anjeunna asup Islam ku ajakan Abu Bakar sareng kaasup kana golongan As-Sabiqun al-Awwalun (golongan anu pangheulana asup Islam). Rasulullah Muhammad nyarita yén Utsman bin Affan mangrupikeun jalma anu paling jujur sareng handap asor di antara kaum muslimin. Dicaritakeun ku Imam Muslim yén Aisyah kantos naros ka Muhammad, "Abu Bakar asup tapi anjeun biasa-biasa bae sareng henteu masihan perhatian khusus, lajeng Umar asup anjeun ogé biasa-biasa bae. Tapi nalika Utsman asup, anjeun langsung calik tur ngabenerkeun pakean, naha kitu?" Rasulullah ngawaler, “Naha kuring henteu kedah isin ka jalma anu malaikat ogé isin ka anjeunna?”

Dina waktos Perang Dzatirriqa sareng Perang Ghatfahan, nalika Muhammad mingpin perang, Utsman dipercanten janten wali kota Madinah. Dina Perang Tabuk, Utsman nyumbangkeun 950 unta sareng 70 kuda, ditambah 1.000 dirham sumbangan pribadi pikeun perang, anu nilaina sarua jeung sapertilu biaya perang éta. Utsman bin Affan ogé nunjukkeun kedermawananana nalika mésér hiji mata cai anu dingaranan Rumah ti saurang lalaki suku Ghifar kalayan harga 35.000 dirham. Mata cai éta diwakafkeun pikeun kapentingan masarakat umum. Dina mangsa pamaréntahan Abu Bakar, Utsman ogé kantos nyayogikeun gandum anu diangkut ku 1.000 unta pikeun ngabantu jalma miskin anu kaserang usum halodo.

Anjeunna mangrupikeun khalifah munggaran anu ngalakukeun perluasan Masjid al-Haram di Mekkah sareng Masjid Nabawi di Madinah alatan beuki seueur umat Islam anu ngalaksanakeun rukun Islam kalima (haji). Anjeunna ogé ngusulkeun ideu ngajukeun pasukan kaamanan pikeun rakyatna; ngawangun gedong husus pikeun mahkamah sareng ngadili pasualan anu saméméhna dilaksanakeun di masjid; ngawangun tatanén, nundukkan sababaraha daérah alit di perbatasan sapertos Siria, Afrika Kalér, Persia, Khurasan, Palestina, Siprus, Rodhes, sareng nyusun angkatan laut anu kuat. Jasa panggedéna nyaéta nalika ngaluarkeun kabijakan pikeun ngumpulkeun Al-Qur'an dina hiji mushaf.

Salila mangsa jabatanna, Utsman sering ngaganti gubernur daérah anu teu pas atanapi kurang sanggup sareng ngagantikeunana ku jalma anu langkung kredibel. Tapi hal ieu nyababkeun loba pejabat anu diganti ngarasa kuciwa, sahingga maranéhna babarengan nyusun rencana pikeun maéhan khalifah. Dina mangsa jahiliyyah, anjeunna disebut ku panggilan Abu Amr. Saatos asup Islam, anjeunna langkung sering disebut Abu Abdullah, anu diilikan tina nami putrana ti Ruqayyah. Aya ogé anu nyebutkeun, dina mangsa jahiliyyah Utsman sering disebut Abu Layla, alatan kelembutan sareng karamahanna ka sasama. Gelar anu paling kasohor nyaéta Dzunnurain—Pemilik Dua Cahaya. Gelar éta anu paling dipikaresepna. Gelar éta dipasihkeun ku Nabi Muhammad lantaran Utsman nikah jeung dua putri Nabi, Ruqayyah sareng Ummu Kultsum.

Kakhalifahan

édit

Saenggeus wafatna Umar bin Khattab salaku khalifah kadua, diayakeun musyawarah pikeun milih khalifah gaganti Umar. Aya genep urang kandidat khalifah anu diusulkeun, nyaéta Ali bin Abi Thalib, Utsman bin Affan, Abdurrahman bin Auf, Sa'ad bin Abi Waqqas, Zubair bin Awwam, jeung Thalhah bin Ubaidillah. Satuluyna, Abdurrahman bin Auf, Sa’ad bin Abi Waqqas, Zubair bin Awwam, jeung Thalhah bin Ubaidillah mundur nepi ka ngan ukur Utsman jeung Ali anu kari. Sora masarakat dina waktu harita condong milih Utsman jadi khalifah katilu. Ku kituna, diangkat Utsman anu umurna 70 taun jadi khalifah katilu, anu pangkolotna, sarta anu munggaran dipilih tina sababaraha calon. Kajadian ieu lumangsung dina bulan Muharram taun 23 H. Utsman jadi khalifah nalika pamaréntahan Islam geus bener-bener ajeg tur terstruktur.

Utsman teh saurang padagang beunghar anu ngagunakeun kakayaanna pikeun ngadukung Islam, sanajan saméméh mangsa kekhalifahanna, anjeunna henteu kungsi nunjukkeun kualitas kapamingpinan atawa bener-bener mingpin pasukan. Tapi sanajan kitu, numutkeun Wilferd Madelung, anjeunna dipilih ku para pamilih salaku hiji-hijina calon kontra anu kuat pikeun Ali lantaran anjeunna ogé bisa saheulaanan mawa saingan dina hubungan kekerabatan anu raket sareng Ali.

RVC Bodley yakin yen saatos dipaéhanana Umar, Ali nampik posisi khalifah lantaran anjeunna henteu satuju pikeun ngatur numutkeun aturan anu geus ditetepkeun ku Abu Bakar jeung Umar. Samentawis éta, Utsman narima sarat-sarat éta sareng anjeunna gagal dina administrasi salila sapuluh taun kekhalifahanna.

Rujukan

édit
  1. a b c d e f g h i Sumber 1 Archived 2012-04-21 di Wayback Machine
  2. a b c d Ochsenweld, William; Fisher, Sydney Nettleton (2004). The Middle East: a history (sixth ed.). New York: McGraw Hill. ISBN 0072442336. 



 
  NODES
admin 1